Harita Yesus keur nyageur-nyageurkeun anu garering, anu keuna ku kasakit, anu kasurupan roh jahat, kitu deui anu lalolong disina narenjo deui. Anjeunna ngawaler ka eta utusan, saur-Na, ”Jig ka Yohanes deui, caritakeun ka anjeunna sakur anu ku maraneh kadenge jeung katenjo di dieu: Nu lolong jadi bisa nenjo, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu lepra jadi setra, nu torek jadi bisa ngadenge, anu paeh dihirupkeun deui, nu mariskin diwawaran Injil Kasalametan.