KAJADIAN 17
17
Sunat tanda perjangjian
1Mangsa yuswa Abram salapan puluh salapan taun, Pangeran nembongan deui sarta ngandika, ”Ieu Kami, Allah Nu Maha Kawasa. Masing anut ka Kami ulah aya kuciwana. 2Kami rek meungkeut perjangjian jeung maneh. Turunan maneh baris loba.” 3Bruk Abram sujud nyium taneuh. Allah ngadawuh deui, 4”Kieu perjangjian anu rek dibeungkeut jeung maneh teh: Kami jangji, maneh baris jadi karuhun bangsa-bangsa loba pisan. 5Ti semet waktu ieu ngaran maneh lain Abram, tapi Ibrahim. Sabab ku Kami baris dijadikeun karuhun bangsa-bangsa loba pisan. 6Turunan maneh baris pohara reana, malah aya nu baris jaradi raja. Pohara baris reana turunan maneh teh, nepi ka ngajadi bangsa-bangsa.
7Ieu jangji ka maneh saanak incu nu baris gumelar, baris dipageuhan ngajadi perjangjian anu langgeng. Kami baris jadi Allah maneh jeung Allahna turunan-turunan maneh.
8Ieu tanah, tempat maneh ayeuna ngumbara, baris dibikeun ka maneh jeung turunan-turunan maneh. Salegana tanah Kanaan baris milik maneh salalawasna, sarta Kami Allahna.”
9 Pangeran ngandika deui, ”Sabalikna maneh saanak incu nu bakal gumelar masing tuhu kana ieu perjangjian ti Kami, turun-tumurun. 10Maneh jeung sakumna turunan maneh anu lalaki kudu disunat. 11Teu kaiwalkeun jalma-jalma anu karumawula ka maneh, boh anu asal lahir di maneh, boh anu beunang meuli ti nu sejen, kudu disarunatan. 12Ti semet ayeuna, sakur budak lalaki, umur dalapan poe kudu disunatan. Ieu hal pikeun nuduhkeun yen Kami jeung maneh geus nyieun perjangjian. 13Masing-masing kudu disunatan, pikeun ngajadi tanda dina awak, anu nuduhkeun langgengna perjangjian Kami ka maneh. 14Sakabeh lalaki nu teu disunatan moal dianggap umat Kami, sabab manehna geus cidra kana perjangjian Kami.”
15Aya deui pangandika Allah ka Ibrahim, ”Pamajikan maneh ulah disebut deui Sarai. Ngaranna ayeuna mah Sarah. 16Kami baris ngaberkahan, manehna baris ngajuru hiji budak lalaki anu baris dibikeun ku Kami ka maneh. Enya, Kami baris ngaberkahan Sarah, manehna baris jadi karuhun bangsa-bangsa. Di antara turunanana baris aya raja-raja.”
17Bruk Ibrahim sujud nyium taneuh, tapi bari gumujeng, sabab ceuk manahna: ”Karah jelema geus umur 100 taun rek boga anak? Sarah nu geus 90 taun, karah baris anakan?” 18Tapi ari unjukanana mah kieu, ”Disuhunkeun, mugi Ismail dipangraksakeun supados lulus mulus.”
19Tapi Allah ngandika, ”Lain kitu. Sarah pribadi, pamajikan maneh, baris ngandung anak maneh, lalaki. Ku maneh kudu dingaranan Ishak. Eta budakna kaasup kana perjangjian Kami, kitu deui turunan-turunanana, keur salalanggengna. 20Pamenta maneh ngeunaan Ismail, ku Kami tangtu dimakbul. Ku Kami rek diberkahan. Satuluyna baris anak baranahan loba turunan. Baris jadi karuhun dua welas kapala kaom, ari turunanana ku Kami baris dijadikeun hiji bangsa nu gede. 21Ngeunaan anak maneh Ishak, anu baris lahir ti Sarah taun hareup kira-kira tepung waktu ieu, perjangjian Kami tetep moal barobah.” 22Sanggeus ngandika kitu, lajeng Allah angkat ngantun Ibrahim.
23Poe eta keneh, Ibrahim nyepitan putrana, Ismail. Kitu deui jelema-jelema anu karumawula, boh anu asal lahir di dinya, boh anu meunang ngagaleuh, cindekna sakur lalaki kabeh ku anjeunna disarunatan, tumut satimbalan Allah. 24Harita, waktu Ibrahim disepitan, yuswana geus 99 taun, 25ari Ismail putrana geus 13 taun. 26Ibrahim disepitanana sapoe reujeung jeung putrana, bareng jeung sakabeh jelema-jelema anu karumawula ka anjeunna.
Currently Selected:
KAJADIAN 17: LAISUN
Highlight
Share
Copy
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991

: