LUKAS 15
15
Misil Domba anu leungit
(Mat. 18:12-14)
1Dina hiji poe loba tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema nu dipandang teu hade ku masarakat daratang ngadarengekeun Yesus. 2Urang Parisi jeung guru-guru agama mimiti ngaromongkeun, pokna, ”Eta Manehna, ku naon daek nampa jelema-jelema teu hade, malah daek dahar bareng!” 3Ku hal eta Yesus nyarioskeun ieu misil ka maranehna,
4”Upamakeun, aya anu boga domba saratus leungit hiji, cik rek kumaha nu bogana? Tangtu indit ka sampalan, ninggalkeun dombana anu salapan puluh salapan, neangan sahiji anu leungit nepi ka kapanggih. 5Sanggeus kapanggih kacida atoheunana, dombana nepi ka dipunggu dina taktakna 6dibawa balik. Geus kitu nyalukan babaturan jeung tatangga-tatanggana, tuluy nyarita, ʼKuring kacida atohna, domba kuring nu leungit geus kapanggih. Ayeuna hayu urang suka-suka!ʼ 7Nya kitu di sawarga oge, sing percaya, lamun aya jelema doraka saurang anu tobat, kacida matak bungahna, leuwih bungah ku eta anu saurang ti batan ku anu salapan puluh salapan anu geus balener jeung teu perlu tobat deui.”
Misil dinar anu leungit
8”Atawa upamakeun, aya hiji awewe boga dinar sapuluh leungit hiji, cik rek kumaha? Imahna disapuan, didamaran, dinarna diteangan imeut ka ditu ka dieu nepi ka kapanggih. 9Geus kitu manehna nyalukan babaturan jeung tatangga-tatanggana tuluy nyarita, ʼKuring kacida bungahna, leungit dinar hiji kapanggih deui. Ayeuna hayu urang suka-suka!ʼ 10Sing percaya, nya kitu pisan lamun aya hiji jelema doraka anu tobat, para malaikat Allah kacida barungaheunana.”
Misil anak anu leungit
11Pilahir Yesus deui, ”Aya hiji jelema boga anak lalaki dua. 12Anu bungsu nyarita ka bapana, ʼBapa, harta bagian abdi teh bade disuhunkeun ayeuna bae.ʼ Bapana ngagugu, tuluy kakayaanana dibagikeun ka anak-anakna. 13Heuleut sawatara poe nu bungsu ngajualan warisan bagianana, duitna dibawa indit ka nagri anu jauh, dipake roroyalan sakarep-karep. 14Sanggeus duitna beak, eta nagri katarajang bahla kalaparan; hirupna si bungsu geus muluntu. 15Tuluy manehna buburuh ka hiji jalma urang dinya, dititah ka tegal ngajaga bagong. 16Manehna kacida lapareunana nepi ka kabita hayang ngeusian beuteung ku parab bagong, tapi teu aya anu mere dahareun naon-naon. 17Kakara manehna eling, hatena ngalengis, ʼDi bapa mah dahareun kuli-kuli ge datang ka leuwih, ari aing di dieu nepi ka meh paeh kalaparan! 18Mending oge balik ka bapa, rek wakca: Bapa, abdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa. 19Parantos teu pantes diangken deui putra, jadikeun kuli bae abdi mah.ʼ 20Sanggeus mikir kitu bral indit rek balik ka bapana.
Jauh-jauh keneh bapana geus nenjoeun, hatena ngahelas liwat saking tuluy muru, gabrug ngarangkul jeung ngagalentoran. 21ʼBapa,ʼ ceuk anakna, ʼabdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa. Parantos teu pantes diangken deui putra.ʼ 22Tapi bapana anggur nyalukan bujang-bujangna. ʼGeuwat!ʼ carekna. ʼBawa ka dieu pakean anu pangalusna, pakekeun ka ieu anak kami. Pakekeun ali kana ramona, tarumpahan sukuna. 23Peuncit sapi anu panglintuhna, urang pesta suka-suka! 24Sabab ieu anak kami anu geus paeh ayeuna hirup deui, leungit kapanggih deui.ʼ Ti dinya tuluy bae pesta.
25Ari nu cikal harita keur di tegal. Dina waktu keur balik, sanggeus deukeut ka imah, ngadenge sora tatabeuhan jeung nenjo anu keur ngarigel. 26Tuluy nyalukan bujang saurang, nanyakeun, ʼAya naon di imah?ʼ 27Ceuk bujang, ʼTuang rayi sumping, ku tuang rama dipangmeuncitkeun sapi anu panglintuhna, reh putrana sumping deui kalayan teu kirang sawios-wios.ʼ
28Si cikal ambek terus pundung embungeun ka imah. Ku bapana diteang terus dicombo, diolo sina balik. 29Tapi tembalna ka bapana, ʼAbdi baranggawe di Bapa parantos mangtaun-taun sapertos kuli bae, parentah Bapa teu aya anu dipungpang. Parantos kenging naon ti Bapa? Teu dipaparin embe-embe acan pikeun abdi sukan-sukan sareng babaturan. 30Ari eta, putra Bapa anu nembe sumping tas ngawur-ngawur harta banda Bapa ka awewe balangor, ku Bapa mani dipangmeuncitkeun sapi anu panglintuhna!ʼ 31Walon bapana, ʼAnaking! Ujang mah kapan salawasna oge jeung Bapa bae. Jeung deui banda Bapa nya banda hidep keneh. 32Pantes lamun urang ayeuna sukan-sukan suka bungah, sabab adi ujang anu sasatna geus paeh ayeuna hirup deui, leungit datang deui.ʼ ”
Currently Selected:
LUKAS 15: LAISUN
Highlight
Share
Copy
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991

: