Nyai bakal ngandeg, bakal puputra anu ku Nyai kudu dijenenganan Yesus. Eta putra Nyai bakal agung, jeung bakal disarebut Putra Allah Nu Maha Agung. Ku Allah Pangeran bakal didamel raja sakumaha Daud karuhun-Na, bakal ngarajaan ka turunan Yakub salalawasna, sarta karajaana-Na moal aya anggeusna.”