LUKAS 12
12
Sing waspada ka nu munapek
(Mat. 10:26-27)
1Rebuan jelema karumpul deui pasesedek nepi ka silih tincak. Sabot kitu Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Sing waspada kana ragi urang Parisi, nya eta kana kamunapekanana. 2Sabab naon bae anu disamunikeun bakal katembong, rasiah naon bae bakal kaboker. 3Jadi naon bae anu ku maraneh diomongkeun di nu poek, bakal kadenge saterang-terangna, jeung naon bae anu ku maraneh diharewoskeun rurusiahan di kamar anu nutup, geus tangtu bakal diuar-uar.”
Anu kudu dipikasieun
(Mat. 10:28-31)
4”Jeung deui, batur-batur! Ulah sieun ku tukang maehan. Jelema mah ngan bisa maehan raga badag, teu bisa leuwih ti kitu. 5Kami rek nuduhkeun ka maraneh, saha anu kudu dipikasieun. Nu kudu dipikasieun mah Allah. Allah mah kajaba ti iasaeun maehan teh wenang ngalungkeun ka naraka. Sakali deui, Mantenna anu kudu dipikasieun teh!
6Manuk piit lima dijualna teh ngan laku kana duit pangleutikna dua gebleg. Tapi sanajan kitu ge ku Allah moal aya anu dilalikeun. 7Malah buuk sirah maraneh ge ku Mantenna geus dietang. Jadi ulah salempang; maraneh leuwih hargaan ti batan manuk piit!”
Pikeun nu ngaku jeung nu nampik Kristus
(Mat. 10:32-33, 12:32, 10:19-20)
8”Kami ngabejaan: Anu ngaku ka Kami di hareupeun umum, ku Putra Manusa bakal diaku di hareupeun para malaikat Allah. 9Sabalikna anu nampik Kami di hareupeun umum, ku Putra Manusa bakal ditampik di hareupeun para malaikat Allah.
10Sing saha anu dina omonganana aya kecap anu ngalawan ka Putra Manusa bisa dihampura; sabalikna anu ngagogoreng ka Roh Suci mah moal dihampura.
11Lamun maraneh dibawa ka imah-imah ibadah rek diperkarakeun ka para gegeden atawa para pangereh, ulah sieun teu bisa ngabela diri atawa bingung piomongeun. 12Sabab maraneh dina waktuna bakal dibere piomongeun ku Roh Suci.”
Misil nu beunghar tapi burung
13Ti jelema loba aya anu mihatur kieu ka Yesus, ”Pa Guru, mugi pangmepelingankeun pun dulur supados daekeun maparin bagian harta titinggal pun bapa ka abdi.”
14Waler Yesus, ”Baraya! Na saha anu ngangkat Kami pikeun ngahakiman atawa ngabagikeun warisan antara aranjeun duaan?” 15Sasaurana-Na diteruskeun ka sarerea, ”Kahade maraneh ulah nepi ka boga sipat sarakah dina hal naon bae; sabab hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana, masih sakumaha beungharna oge.”
16Geus kitu Anjeunna nyarioskeun ieu misil, ”Aya hiji jelema beunghar, boga tanah sarta meunang hasilna loba. 17Seug mikir dina hatena, ʼEuweuh deui tempat jang nyimpen ieu hasil tanah. Kumaha petana? 18Euh bener,ʼ carekna ngomong sorangan, ʼgudang-gudang anu aya rek diruag, rek nyieun anu leuwih galede jang nyimpen gandum jeung sagala harta banda aing. 19Geus kitu aing rek ngomong ka diri sorangan: He jelema bagja! Tah bekel hirup teh sakitu haradena, tur mahi keur sababaraha tauneun. Pek geura reureuh, dahar, nginum, nyenangkeun diri!ʼ 20Tapi Allah ngadawuh ka manehna, ʼEh, nu burung! Peuting ieu nyawa maneh rek dipundut. Ku saha engke dipimilikna eta dunyabrana beunang ngumpulkeun pikeun sorangan teh?ʼ ”
21Yesus nutup pilahir-Na, ”Tah kitu jadina jelema beunghar keur sorangan bae sarta lampahna henteu sapagodos jeung pangersa Allah teh.”
Sing percaya ka Allah
(Mat. 6:25-34)
22Pilahir-Na deui ka murid-murid, ”Ku sabab kitu maraneh ulah salempang sieun teu manggih dahar pikeun hirup, sieun teu boga pakean pikeun awak. 23Hirup teh leuwih penting ti batan dahareun, awak leuwih penting ti batan pakean. 24Tenjo manuk gagak, tara pepelakan tara ngumpulkeun parab, teu ngabogaan gudang atawa leuit, ku Allah teu kendat diparaban! Maraneh leuwih hargaan ti batan manuk! 25Na bisa maraneh numbu hirup barang sakeudeung ku kasalempang perkara eta? 26Lamun ku sual anu sakitu leutikna maraneh geus ngarasa teu sanggup, naon gunana salempang ku hal-hal sejenna? 27Tenjo kembang bakung kumaha jadina. Tara digawe atawa nyieun papakean. Tapi sanajan kitu ceuk Kami, Raja Suleman anu sakitu beungharna oge panganggona eleh alus ku eta kembang. 28Malah jukut, anu poe ieu aya poe isuk geus beak diduruk, ku Allah didangdanan alus pisan. Atuh komo maraneh mah moal datang ka teu dipakeanan ku Mantenna. Ipis pisan maraneh mah kapercayaan ka Allah teh!
29Mana oge ulah bingung ku sual dahar jeung nginum. (30Anu ngan malikiran nu karitu wungkul teh umat anu teu anut ka Allah.) Rama maraneh ge uningaeun yen maraneh teh butuh ku anu karitu. 31Tapi pentingkeun heula hal Karajaan Mantenna, sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna diurus.”
Harta sawarga
(Mat. 6:19-21)
32”Maraneh anu ngan saeutik ulah salempang, sabab Rama maraneh sukaeun maparin berkah ka maraneh ti Karajaana-Na. 33Jualan bae babandaan mah kabeh, duitna sidekahkeun ka nu mariskin. Tuluy kudu boga pepeten anu awet, paranti nyimpen harta anu aya di sawarga. Eta harta moal aya sudana, moal bisa aya nu maling, jeung moal dihakan ku rinyuh. 34Sabab tibelatna hate teh ka tempat harta.”
Gandek-gandek sing caringcing
35-36”Sing caringcing pikeun nyanghareupan sagala hal, sing saged barangpake pikeun digawe, jeung lampu kudu terus hurung, lir upama gandek nu keur nungguan dunungan mulang ti nu hajat kawinan. Sangkan ari dunungan datang keketrok, bisa buru-buru dipangmukakeun panto. 37Untung gandek-gandek anu ku dununganana kasampak nyararing jeung caringcing ngadago mulangna. Sing percaya: Dununganana bakal singkil jeung nitah supaya maranehna dariuk tuluy dilaladenan. 38Kacida untungna lamun ku dununganana anu mulangna tengah peuting atawa janari, maranehna kasampak nyararing jeung caringcing. 39Jeung ku maraneh tangtu kacipta, jelema anu geus nyahoeun yen imahna bakal kadatangan bangsat tangtu taki-taki, supaya imahna ulah kaasupan. 40Nya kitu maraneh oge kudu caringcing ngadago pisumpingeunana Putra Manusa, sabab pisumpingeuna-Na teh dina waktu anu teu kasangka-sangka pisan.”
Gandek nu satia jeung nu teu satia
(Mat. 24:45-51)
41Petrus unjukan, ”Gusti, ieu piwulang teh keur abdi-abdi bae atanapi keur sadayana?”
42Waler Gusti, ”Cik gandek nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus rumah tanggana jeung ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna. 43Untung eta gandek, lamun dununganana datang kasampak keur ngalakonan kawajibanana. 44Sing percaya, ku dununganana bakal dipercaya ngurus sakabeh kakayaanana. 45Sabalikna, lamun eta gandek ngan dahar jeung nginum nepi ka mabok, tur bengis ka sasama nu bubujang jeung lalanjang dumeh pangrasana dununganana nyabana bakal lila, 46ana dununganana ngadadak datang teu kasangka-sangka, eta gandek tangtu bakal disiksa bebeakan, bagian jalma anu teu satuhu.
47Gandek anu nyaho kana kahayang dunungan tapi dirina teu sadia jeung henteu ngajalankeun kahayang dununganana, tangtu dirangket satakerna. 48Ari gandek anu teu ngarti mah kana karep dununganana, sanajan nepi ka kudu dirangket oge dirangketna moal sabaraha. Anu loba narimana, loba deui nu dipenta ti dirina; beuki gede narimana, beuki gede nu dipenta ti dirina.”
Jadi sabab pabentar
(Mat. 10:34-36)
49”Kami datang teh rek ngahuru ieu dunya, sarta hayang geura nenjo ngagedurna! 50Kami kudu nyorang hiji baptisan (nya eta kasangsaraan). Samemeh eta kasorang hate Kami kacida susahna! 51Ceuk panyangka maraneh Kami datang teh dunya bakal runtut? Moal! Malah pabentar! 52Ti ayeuna keneh ge ti lima anggota kulawarga bakal jadi dua bagian, nu tilu ngalawan dua, nu dua ngalawan tilu. 53Bapa pabentar jeung anak lalaki, anak lalaki pabentar jeung bapa; indung pabentar jeung anak awewe, anak awewe pabentar jeung indung; mitoha awewe pabentar jeung minantu awewe, minantu awewe pabentar jeung mitoha awewe.”
Teu ngahartikeun kana galagat jaman
(Mat. 16:2-3)
54Ari ka nu loba, kieu pilahir Yesus, ”Samangsa-mangsa maraneh nenjo aya mega unggah di kulon, geuwat ku maraneh ditaksir rek hujan; enya bae hujan. 55Lamun angin karasa nebak ti kidul, ceuk maraneh hawa bakal panas; enya bae hawa panas. 56Eh maraneh jelema pura-pura! Maraneh barisa neguh poe bakal hujan bakal panas ku nenjo bumi jeung langit, ku naon ari kana galagat jaman ayeuna maraneh teu ngahartikeun?”
Teangan jalan piluluseun
(Mat. 5:25-26)
57”Ku naon maraneh sorangan teu nareangan jalan piluluseun? 58Sapertina bae, lamun maraneh boga salah, diadukeun ka pangadilan. Meungpeung can ka pangadilan, coba sabisa-bisa lawan teh akuran, malak mandar aya hampurana mupus kasalahan maraneh. Sabab lamun henteu kitu tangtu jadi disered ka hakim, ku hakim diserenkeun ka pulisi tuluy digebluskeun ka jero panjara. 59Geus kitu mah tinggal ngerem di dinya nepi ka geus dibereskeun sagala-galana.”
Currently Selected:
LUKAS 12: LAISUN
Highlight
Share
Copy
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991