1
KAJADIAN 32:28
KITAB SUCI
Saur eta jelema, ”Ngaran maneh lain Yakub deui. Maneh geus gelut jeung Allah, oge jeung manusa, kalawan unggul, ku sabab eta ngaran maneh jadi Israil.”
Kokisana
Luka KAJADIAN 32:28
2
KAJADIAN 32:26
Saur eta jelema, ”Leupaskeun kami! Kaburu bray beurang!” Diwaler ku Yakub, ”Kuring moal ngaleupaskeun Juragan, kajabi upami Juragan ngaberkahan kuring.”
Luka KAJADIAN 32:26
3
KAJADIAN 32:24
Beres meuntas-meuntaskeun sagala rupa, anjeunna kantun nyorangan di peuntas dieu. Ari geus nyalira, dumadakan datang hiji jelema, terus galungan jeung Yakub sapeupeuting, nepi ka wanci balebat.
Luka KAJADIAN 32:24
4
KAJADIAN 32:30
Saur Yakub, ”Aing geus nenjo pameunteu Allah. Ieu aing hirup keneh.” Tuluy eta tempat ku anjeunna dingaranan Peniel.
Luka KAJADIAN 32:30
5
KAJADIAN 32:25
Sanggeus eta jelema ngarasa moal baris meunang dina gelutna, Yakub diteunggeul tetepokanana nepi ka misalah.
Luka KAJADIAN 32:25
6
KAJADIAN 32:27
”Saha ngaran maneh?” saur eta jelema. ”Yakub,” walerna.
Luka KAJADIAN 32:27
7
KAJADIAN 32:29
Saur Yakub, ”Dupi salira, saha tea?” Ari walerna, ”Naon perluna nanyakeun ngaran kami?” Seug Yakub ku eta jelema diberkahan.
Luka KAJADIAN 32:29
8
KAJADIAN 32:10
Sayaktosna abdi Gusti henteu layak nampi kasaean sareng kagetenan Gusti anu parantos-parantos. Abdi mios meuntasan Walungan Yordan mung ukur kadua iteuk, wangsulna abdi sareng ieu rombongan, anu ayeuna dibagi dua bagian.
Luka KAJADIAN 32:10
9
KAJADIAN 32:32
Nya ku karana eta, tug nepi ka kiwari turunan Israil pantrang ngadahar daging urat panjang anu nyambungkeun tetepokan, sabab nya lebah tetepokanana Yakub diteunggeul nepi ka misalah.
Luka KAJADIAN 32:32
10
KAJADIAN 32:9
Yakub neneda, ”Nun Allah panutan Aki Ibrahim, Allah panutan pun Bapa Ishak! GUSTI kapungkur nimbalan, ’Maneh geura mulang ka kaom sorangan di bali geusan. Kami baris hade-hade ngurus ka maneh.’
Luka KAJADIAN 32:9
11
KAJADIAN 32:11
Jait abdi, nun Gusti! Abdi sieun ku pun lanceuk Esau. Abdi gimir sieun anjeunna ngagempur abdi sadaya katut para wanita sareng barudak.
Luka KAJADIAN 32:11
Ndako
Biblia
Bibongiseli
Bavideo