KAJADIAN 18
18
Jangji hal pimedaleun Ishak
1 Pangeran sumping deui ka Ibrahim, liren di deukeut tatangkalan karamat tempat ibadah di Mamre. Harita Ibrahim keur calik, ngangin di palataran hareupeun panto kemah, kawantu poe keur papanasna. 2Ana cengkat, breh katingali di beulah ditu aya nu keur ngaradeg tiluan. Anjeunna terus nepangan mani gura-giru. Sanggeus pajonghok, anjeunna terus sujud kana taneuh, 3bari sasauran, ”Juragan-juragan mugi kersa sindang heula ka rorompok reureuh. Abdi sumeja ngalalayanan. 4Saparantos wawasuh sampean, leleson di dieu handapeun tangkal. 5Samemeh angkat taruang heula supados kiat salira. Ku margi Juragan-juragan sarumping teh ka dieu, tawis mihormat ka sim abdi, abdi sumeja ngalalayanan.”
Tamu-tamu ngawaler, ”Nuhun, katarima pisan.”
6Ibrahim geuwat ka kemah, saurna ka Sarah, ”Nyai, geuwat nyieun roti buleud. Tipungna anu pangalusna, kira-kira sakantong.” 7Ti dinya geuwat indit ka tempat ingon-ingon, newak anak sapi anu keur meumeujeuhna tur lintuh, terus dipasrahkeun ka bujangna sina buru-buru direcah. 8Tamu-tamu dituangkeun, susuguhna: kiju, susu jeung daging. Sabot tamu-tamu taruang, anjeunna ngalalayanan teu jauh ti tamu, di handapeun tatangkalan tea.
9Geus kitu tamu teh mariksakeun Sarah, saurna, ”Ari Sarah bojo maneh, aya?”
Saur Ibrahim, ”Aya, di lebet kemah.”
10Saur tamu nu saurang, ”Kami ngajangjian, salapan bulan deui Sarah bakal boga anak. Waktu eta Kami baris ka dieu deui.”
Eta kasauran tamu ku Sarah oge kadangueun, da keur aya di tukangeun panto. 11Ibrahim jeung Sarah teh geus sarepuh pisan, sarta Sarah geus liren tina adat biasa istri. 12Ku sabab kitu Sarah teh gumujeng sajeroning batinna, saurna: ”Aing anu geus kolot jeung pareot kieu, naha hayang keneh kitu kana kikituan? Salaki oge sarua geus kolot.”
13Tapi Pangeran ngadawuh ka Ibrahim, ”Ku naon Sarah nyeungseurikeun, jeung nyebutkeun: ’Aing nu geus sakieu kolotna, baruk rek boga anak?’ 14Keur Pangeran mah euweuh nu mustahil. Dina mangsana, salapan bulan deui, Kami baris ka dieu deui. Tangtu Sarah geus boga anak, lalaki.”
15Ku sabab sieun, Sarah mungkir, saurna, ”Da abdi mah henteu seuri.”
Diwaler ku Pangeran, ”Puguh enya, seuri.”
Ibrahim mangnedakeun ampun keur nagara Sadumu
16Ti dinya tamu teh angkat, ngabujeng hiji tempat anu ngemplong awas ka nagara Sadumu, dijajapkeun ku Ibrahim. 17Pangeran ngalahir sajeroning manah: ”Kami moal ngarasiahkeun ieu maksud ka Ibrahim. 18Turunanana pijadieun bangsa anu kuat, sarta sakabeh bangsa di bumi bakal marenta berkah Kami anu geus dibikeun ka Ibrahim. 19Manehna ku Kami geus diperih sangkan ngadidik anakna jeung turunan saterusna, sina ngestokeun parentah Kami, sangkan bener hirupna. Upama kitu, sangkan anu geus dijangjikeun ku Kami ka manehna bisa dilaksanakeun.”
20Geus kitu Mantenna ngadawuh, ”Geus kacida poharana sora-sora anu rarumahuh ku karana nagara Sadumu jeung Gomora. Eta nagara geus kacida dorakana. 21Kami rek turun ka dinya, hayang nyaho, naha sakur anu ku Kami kadenge teh enya atawa henteu. Ku Kami rek disidikkeun heula.”
22Ti dinya tamu nu dua angkat ka nagara Sadumu. Ari Pangeran ngantos di dinya jeung Ibrahim. 23Ibrahim nyaketan ka Pangeran, tumaros, ”Leres kitu jalmi anu leres oge ku Gusti bade dibasmi, disamikeun sareng anu daroraka? 24Upami di eta nagara aya lima puluh urang anu teu aya kalepatanana, naha eta nagara teh cios bae ditumpurkeun sama sakali? Kumaha ku Gusti moal dihapunten tina ngemutkeun ka lima puluh jalmi anu taya dosana? 25Tangtosna oge jalmi-jalmi anu taya kalepatanana mah ku Gusti moal ngiring dibasmi, moal disamarutkeun sareng nu daroraka. Ceuk raraosan mah mustahil! Tangtosna oge moal dugi ka kitu. Jalaran upami dugi ka kitu teh, atuh anu taya dosana oge sami bae ditumpurkeun sapertos anu jarahat. Piraku! Kapan anu jadi hakim sabumi teh kedah nyepeng hukum adil.”
26 Pangeran ngawaler, ”Upama aya lima puluh urang jalma hade di Sadumu, eta nagara hamo dibasmi, lantaran inget ka nu lima puluh.”
27Ibrahim unjukan deui, ”Hapunten, abdi kumawantun unjukan deui, Gusti. Rumaos abdi teh ukur manusa, teu wenang nyanggem kitu kieu. 28Nanging kumaha upami nu leres mung opat puluh lima, sanes lima puluh, naha eta nagara teh bade dibasmi bae, dumeh kirang lima urang ti lima puluh?”
Pangeran ngawaler, ”Moal tulus, lantaran inget ka opat puluh lima urang nu bener.”
29Ibrahim miunjuk deui, ”Kumaha upami mung opat puluh?”
Waler-Na, ”Moal tulus, lantaran inget ka nu opat puluh urang.”
30Ibrahim, ”Pamugi teu jadi bendu, Gusti, abdi unjukan deui. Kumaha upami mung aya tilu puluh?”
Waler-Na, ”Moal tulus najan ngan aya tilu puluh oge.”
31Ibrahim, ”Hapunten, abdi kumawantun keneh. Kumaha upami mung aya dua puluh?”
Waler-Na, ”Moal tulus dibasmi eta nagara teh, najan nu benerna ngan dua puluh.” 32Piunjuk Ibrahim, ”Nyanggakeun sewu-sewu bebendu, abdi sumeja nyanggem sakali ieu deui. Kumaha upami mung aya sapuluh urang?”
Mantenna ngawaler, ”Moal tulus dibasmina, sanajan ngan sapuluh urang.”
33Sanggeus ngadawuh kitu ka Ibrahim, Pangeran lajeng jengkar, Ibrahim mulih ka kemah.
Currently Selected:
KAJADIAN 18: LAISUN
Tya elembo
Share
Copy
Olingi kobomba makomi na yo wapi otye elembo na baapareyi na yo nyonso? Kota to mpe Komisa nkombo
@LAI 1991

: