LUKAS 16
16
Pagawe nu pinter ngakal
1Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Aya hiji jelema beunghar, boga hiji pagawe purah ngurus kakayaanana. Meunang pangaduan yen kakayaanana dipake awuntah ku eta pagawe. 2Tuluy pagawena teh dicalukan, dipariksa, ʼGeuning maneh kitu bejana? Kadieukeun kabeh catetan kakayaan kami anu diurus ku maneh sing lengkep, ulah diurus ku maneh deui.ʼ 3Eta pagawe ngomong sorangan, ʼAing tangtu dieureunkeun ku dunungan. Kumaha pipetaeun? Macul moal kuat, baramaen era. 4Tah aing boga akal! Arek nyieun pibatureun, sangkan ari aing geus teu boga gawe aya nu daekeun narima di imahna.ʼ
5Tuluy manehna nyalukan anu baroga hutang ka dununganana. Carekna ka nu datang pangheulana, ʼSabaraha hutang ka juragan?ʼ 6Jawabna, ʼMinyak jetun saratus tong.ʼ Ceuk manehna, ʼTah diuk, tulis dina ieu surat hutang: lima puluh.ʼ 7Geus kitu nanya ka nu saurang deui, ʼSabaraha hutang teh?ʼ Jawabna, ʼTarigu sarebu karung.ʼ Ceuk eta pagawe, ʼTulis dina ieu surat hutang: dalapan ratus.ʼ
8Dununganana jadi muji kana kapinteran akalna eta pagawe anu teu jujur teh; kawantu jelema-jelema anu kapangaruhan ku dunya mah ngatur urusanana teh memang leuwih pinter ti batan jelema-jelema anu hirupna satuhu.”
9”Ku sabab kitu,” saur Yesus deui, ”harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun, supaya samangsa-mangsa harta geus teu bisa deui nulung, maraneh bisa ditarima di tempat anu sipatna langgeng. 10Jelema anu satia dina urusan-urusan leutik, bakal satia dina urusan-urusan gede; jelema anu teu jujur dina urusan-urusan leutik, moal jujur dina urusan-urusan gede. 11Jadi, lamun maraneh geus teu jujur ngurus harta banda sipat lahir, kumaha rek bisa dipercaya ngurus harta sajati anu sipatna rohani? 12Lamun maraneh teu jujur kana barang batur, barang milik maraneh sorangan oge saha anu rek daekeun nyerenkeun ka maraneh?
13Moal aya jelema anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab ka nu saurang bakal geuleuh, ka nu saurang deui bakal nyaah; ka nu saurang bakal satia ka nu saurang deui bakal nyabodokeun. Moal bisa maraneh ngawula ka Allah ongkoh, ngawula kana duit ongkoh.”
Sababaraha ucapan Yesus
(Mat. 11:12-13, 5:31-32; Mar. 10:11-12)
14Barang urang Parisi ngadarenge pilahir Yesus kitu tuluy nyeungseurikeun, kawantu maranehna mah jelema-jelema piduit wungkul. 15Yesus ngalahir ka maranehna, ”Aranjeun teh katembongna ku batur mah jelema-jelema bener. Tapi Allah mah tingalieun kana eusi hate aranjeun. Anu matak, anu ku jelema dianggap luhur teh di payuneun Allah mah taya hargana.
16Hukum Musa jeung tulisan-tulisan kasauran nabi-nabi teh lakuna nepi ka semet jaman Yohanes Jurubaptis. Ti semet harita terus nyebar Injil Kasalametan hal Karajaan Allah, jalma-jalma maraksa harayang asup jadi umat-Na. 17Tapi leuwih gampang musna langit jeung bumi, ti batan ngabatalkeun sanajan bagian pangleutikna tina Hukum Allah.
18Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin ka awewe sejen, eta lalaki teh jinah; kitu deui lalaki anu ngawin awewe anu geus diserahkeun, eta oge lalaki teh jinah.”
Jelema anu beunghar, jeung Lasarus
19”Aya hiji jelema beunghar, papakeanana bangsa anu pangmarahalna, saban poe hirupna royal. 20Aya deui hiji jelema, ieu mah miskin, ngaranna Lasarus, awakna pinuh ku borok, sok diuk gigireun panto jelema beunghar tea, 21bari ngarep-ngarep aya sesemplekan roti anu murag tina meja makanna, jang ngeusi beuteungna nu lapar. Borokna dilaletakan ku anjing.
22Ki miskin teh maot, ku para malaikat tuluy dibawa ka Ibrahim, dipernahkeun gedengeunana, tempat utama. Nu beunghar tea ge maot, dikubur. 23Satengahing keur ngararasakeun kanyeri anu pohara di dunyana anu paraeh, manehna tanggah, beh ti kajauhan nenjo Ibrahim, jeung Lasarus anu diuk digedengeunana. 24Tuluy manehna gegeroan, ʼAma Ibrahim! Sing hawatos ka abdi, Lasarus sina ka dieu, sina nyelupkeun ramona saeutik kana cai keur ngabaseuhan letah abdi supados rada tiis. Abdi teu tahan dina ieu seuneu, liwat saking nyerina.ʼ
25Waler Ibrahim, ʼIh anaking, sing inget, hidep mah waktu keur hirup keneh geus meunang anu aralus, ari Lasarus mah anu garoreng. Ayeuna Lasarus kari senangna di dieu, hidep kari sangsarana di dinya. 26Jeung deui ti dieu ka dinya teh aya jungkrang jero pisan, mustahil beunang dipeuntasan; nu ti dieu moal bisa ka dinya, nu ti dinya moal bisa ka dieu.ʼ 27Walon nu beunghar, ʼAma, upami kitu mah atuh Lasarus piwarang ka rorompok pun bapa bae, 28reh abdi gaduh dulur limaan, sina dipepelingan supados maranehna mah ulah dugi ka tigebrus ka ieu tempat siksaan.ʼ
29Waler Ibrahim, ʼMaranehna geus mareunang pepeling tina Kitab Musa jeung Nabi-nabi, keun sina nurutkeun pepeling tina eta kitab-kitab.ʼ 30Walonna deui, ʼKu eta wungkul mah henteu cekap, Ama Ibrahim! Upami didongkapan ku anu hirup deui tinu maot mah tangtos maranehna tarobat.ʼ 31Tapi waler Ibrahim, ʼAri geus teu narurut kana pepeling Musa jeung nabi-nabi mah, masih didatangan ku nu geus paeh oge moal ngagugu.ʼ ”
Currently Selected:
LUKAS 16: LAISUN
Tya elembo
Share
Copy
Olingi kobomba makomi na yo wapi otye elembo na baapareyi na yo nyonso? Kota to mpe Komisa nkombo
@LAI 1991

: