LUKAS 22
22
Nu sakait ngalawan Yesus
(Mat. 26:1-5; Mar. 14:1-2; Yoh. 11:45-53)
1Pesta Roti Teu Diragian anu disebutna Paska, geus deukeut. 2Para imam kapala jeung guru-guru agama keur nareangan jalan sangkan bisa maehan Yesus, tapi hayangeun rerencepan lantaran sarieuneun ku jalma rea.
Yudas mupakat ngahianat ka Yesus
(Mat. 26:14-16; Mar. 14:10-11)
3Ti dinya Iblis nyurup ka hiji murid anu ngaran Yudas Iskariot, nya eta salah sahiji murid ti nu dua welas tea. 4Tuluy Yudas indit nepungan imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah, nerangkeun akal hianatna rek nyerenkeun Yesus ka maranehna. 5Maranehanana kacida aratoheunana, sarta jangji rek mere duit ka Yudas. 6Yudas mupakat, tuluy neangan kasempetan rek nyerenkeun Yesus ka maranehanana bari ulah kanyahoan ku jalma rea.
Nyadiakeun Tuang Paska
(Mat. 26:17-25; Mar. 14:12-21; Yoh. 13:21-30)
7Pesta Roti Teu Diragian tea geus mimiti; domba keur jamuan Paska kudu dipeuncit. 8Yesus miwarangan Petrus jeung Yohanes pikeun nyayagikeun eta kaperluan, saur-Na, ”Geura arindit ka kota nyadiakeun kaperluan dahar Paska.”
9”Kapalay Bapa disayagikeun di mana?” pihatur maranehna.
10Waler-Na, ”Engke, barang maraneh asup ka kota, bakal papanggih jeung jelema anu mawa wadah cai. Tuturkeun nepi ka manehna asup ka imahna. 11Kieu maraneh kudu ngomong ka nu boga imah, ʼPa Guru miwarang mariksakeun, saur-Na: Mana kamar pikeun Kami dahar Paska jeung murid-murid teh?ʼ 12Maraneh bakal dituduhan hiji kamar di loteng, lega jeung sagala paparabotanana geus sadia.”
13Maranehna tuluy arindit; sakur anu disaurkeun ku Yesus teh kapanggih, tuluy maranehna nyadiakeun tuangeun keur jamuan Paska.
Jamuan Gusti
(Mat. 26:26-30; Mar. 14:22-26; 1Kor. 11:23-25)
14Nepi kana waktu tuang, Yesus calik tuang jeung rasul-rasul-Na. 15Anjeunna ngalahir, ”Geus lila Kami hayang dahar Paska cara ayeuna bareng jeung maraneh teh, samemeh Kami dikaniaya. 16Sabab sabalakana mah Kami moal ngadahar deui jamuan Paska, nepi ka mangsa harti tina ieu jamuan teh engke kabuka di Karajaan Allah.”
17Geus kitu Anjeunna nyandak hiji lumur anggur, muji sukur ka Allah, tuluy ngalahir, ”Ieu tampanan, bagikeun. 18Ari Kami ti semet ieu moal nginum deui ieu anggur nepi ka waktu ngadegna Karajaan Allah.”
19Geus kitu Yesus nyandak roti, sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina disemplekan tuluy dipasihkeun ka murid-murid bari lahir-Na, ”Ieu teh badan Kami, nu dipasrahkeun pikeun maraneh. Lalampahkeun cara kieu, pikeun pangeling-eling ka Kami.” 20Rengse tuang Anjeunna ngasongkeun lumur anggur ka maranehna cara tadi. Lahirana-Na, ”Ieu lumur teh perjangjian Allah anu anyar anu disahkeun ku getih Kami anu dikucurkeun, pikeun kasalametan maraneh.
21Tapi, tenjo! Di dieu, sameja jeung Kami, aya jelema anu arek ngahianat ka Kami! 22Putra Manusa teh memang geus dipastikeun ku Allah kudu pegat nyawa-Na, tapi cilaka temen engke eta jelema anu ngahianat ka Anjeunna!”
23Murid-murid jadi silih tanya jeung batur, saha di antara maranehna anu bakal migawe kitu teh.
Anu pangpunjulna
24Murid-murid parebut omong, murid anu mana anu bisa dianggap pangpunjulna. 25Yesus ngalahir, ”Raja-raja bangsa anu anutna lain ka Allah mah ka rahayatna teh nindes, ari para pangereh marenta disebut ʼSobat Rahayatʼ. 26Maraneh mah ulah kitu; benerna, anu pangpunjulna di maraneh kudu saperti anu panghandapna, nu jadi pamingpin kudu saperti anu ngawula. 27Cik luhur mana harkatna, anu diuk dahar dilaladenan atawa anu ngalaladenanana? Tangtu anu dilaladenan. Tapi Kami mah ka maraneh teh cara anu laladen bae.
28Maraneh teu kendat ngabaturan Kami dina sagala cocoba anu kasorang ku Kami. 29Ku sabab eta, sakumaha Kami ku Rama Kami geus dipaparin hak marentah, maraneh oge ku Kami bakal dibere hak saperti kitu. 30Maraneh bakal dahar nginum sameja jeung Kami di Karajaan Kami, jeung bakal dariuk dina singgasana, marentah dua welas kaom Israil.”
Petrus dibejaan yen bakal ngangles
(Mat. 26:31-35; Mar. 14:27-31; Yoh. 13:36-38)
31”Simon, Simon! Dengekeun! Setan geus meunang idin ngagoda ka maraneh kabeh, pikeun misahkeun nu hade ti nu goreng, cara gandum dipisahkeun tina kulitna. 32Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, Simon, supaya iman maneh ulah nepi ka luntur. Upama maneh geus ngaku deui ka Kami, kudu nguatkeun batur-batur.”
33Jawab Petrus, ”Gusti, abdi mah sanaos kedah dipanjara atanapi maot sareng Gusti oge wantun!”
34Saur Yesus, ”Petrus, Kami ngabejaan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.”
Loket, kantong, jeung pedang
35”Basa maraneh ku Kami diutus jeung teu meunang mawa loket, kantong, atawa tarumpah tea, kumaha ngarasa kakurangan?” Yesus mariksa ka murid-murid.
”Henteu,” jawab maranehna.
36Saur Yesus, ”Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang. 37Sabab anu disebutkeun dina Kitab Suci ngeunaan diri Kami, anu ungelna, ʼAnjeunna disaruakeun jeung bangsat,ʼ tangtu kajadian; eta anu ditulis ngeunaan diri Kami teh ayeuna bakal kajadianana.”
38”Gusti,” piunjuk murid-murid, ”pedang parantos aya, dua!”
”Cukup eta ge!” waler-Na.
Paneda Yesus di Gunung Jetun
(Mat. 26:36-46; Mar. 14:32-42)
39Yesus kaluar ti kota, sakumaha biasa angkatna ka Gunung Jetun, diiring ku murid-murid. 40Sasumpingna ka dinya Anjeunna ngalahir, ”Maraneh kudu neneda supaya ulah beunang ku panggoda.”
41Sanggeus ngalahir kitu tuluy mencilkeun anjeun ti maranehna, anggangna kira-kira sapamaledog, brek tapak deku jeung neneda. Paneda-Na, 42”Nun Ama, upami kenging, mugi ditebihkeun ieu lumur kasangsaraan ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi, mung pangersa Ama bae anu kedah laksana.” 43Tuluy aya hiji malaikat ti sawarga nembongan, maparin kakuatan ka Anjeunna. 44Manah Yesus pinuh ku kaketir, nenedana beuki mantep; karinget-Na mani kawas getih nyakclakan kana taneuh.
45Tas neneda Anjeunna ngilik murid-murid, kasampak keur sarare, geus carapeeun ku kasedih. 46Anjeunna ngalahir ka maranehna, ”Ku naon sarare? Harudang, jeung kudu neneda, supaya ulah beunang ku panggoda.”
Yesus ditangkep
(Mat. 26:47-56; Mar. 14:43-50; Yoh. 18:3-11)
47Sabot Anjeunna sasauran keneh, burudul jalma loba, diluluguan ku Yudas, hiji ti antara dua belas murid. Manehna nyampeurkeun ka Yesus, rek nyium. 48Tapi saur Yesus, ”Yudas, maneh teh rek ngahianat Putra Manusa ku cium?”
49Ari murid-murid narenjo kajadian kitu teh tuluy naranya ka Yesus, ”Kumaha Gusti, urang lawan bae ku pedang?” 50Aya hiji murid anu terus ngadek ka badega Imam Agung nepi ka rampung ceulina nu katuhu.
51Tapi Yesus ngalahir, ”Geus, cukup!” Seug eta badega teh ku Anjeunna dicabak ceulina, sarta dicageurkeun.
52Ti dinya Anjeunna ngalahir ka imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah jeung para kokolot anu rek narangkep, saur-Na, ”Aranjeun murubul ka dieu marawa pedang jeung gegendir, na Kami teh penjahat? 53Padahal Kami unggal-unggal poe oge sok reureujeungan jeung aranjeun di Bait Allah, geuning ku aranjeun teu ditangkep. Tapi memang nya ayeuna waktuna pikeun aranjeun ngalaksanakeun pakarepan, waktuna kakuatan poek nyekel kawasa.”
Petrus ngangles
(Mat. 26:57-58, 69-75; Mar. 14:53-54, 66-72; Yoh. 18:12-18, 25-27)
54Yesus geus ditangkep, seug diiringkeun ka bumi Imam Agung; Petrus nuturkeun ti kaanggangan. 55Di tengah buruan jero aya anu ngadurukan, seuneuna dirariung; Petrus oge milu ngariung di dinya. 56Aya hiji gandek awewe, mureleng ka Petrus anu keur siduru, tuluy ngomong kieu, ”Ieu jelema tadi bareng jeung Yesus!”
57Tapi Petrus ngangles, pokna, ”Nyi, wawuh ge henteu kuring mah ka Manehna teh!”
58Teu lila deui, aya hiji lalaki, barang ret ka Petrus tuluy ngomong, ”Andika ge salah sahiji batur Itu!”
Tapi jawab Petrus, ”Paman! Kaula mah lain!”
59Kira-kira heuleut sajam, aya deui anu nuding ka Petrus nemen pisan, pokna, ”Geus teu sak deui ieu jelema teh sok jeung Yesus, sabab manehna oge urang Galilea keneh!”
60Tapi jawab Petrus, ”Paman! Ngomong naon Paman teh, kuring teu ngarti!”
Sabot Petrus ngomong keneh, kadenge hayam kongkorongok. 61Gusti nyoreang, neuteup ka Petrus. Ras Petrus ingeteun yen Gusti geus nyaurkeun perkara manehna, yen, ”Peuting ieu, memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.” 62Petrus kaluar ti dinya, tuluy ceurik nalangsa kabina-bina.
Yesus dipoyok jeung disiksa
(Mat. 26:67-68; Mar. 14:65)
63Yesus ku nu ngajaraga pada moyokan, pada neunggeul. 64Soca-Na dipeungpeunan ku lamak sarta ceuk maranehna, ”Teguh, saha eta anu neunggeul ka Maneh?” 65Rupa-rupa deui pisan ngahinakeunana ka Anjeunna.
Dipariksa ku Mahkamah Agama
(Mat. 26:59-66; Mar. 14:55-64; Yoh. 18:19-24)
66Barang bray beurang, para kokolot, imam-imam kapala, jeung guru-guru agama geus karumpul. Yesus tuluy dibawa ka Mahkamah Agama. 67Tuluy dipariksa, ”Jawab, enya Maneh teh Kristus?”
Anjeunna ngawaler, ”Sanajan upama ku Kaula disebutkeun, aranjeun moal percaya; 68kitu deui upama Kaula nanya, ku aranjeun moal diwalon. 69Tapi ti semet ayeuna Putra Manusa teh bakal calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.”
70Ceuk maranehna, ”Jadi enya Maneh teh Putra Allah?”
Waler Yesus, ”Sakumaha saur aranjeun.”
71Ceuk maranehna, ”Urang teu perlu deui saksi! Ku urang geus kadenge kitu pangakuana-Na!”
Currently Selected:
LUKAS 22: LAISUN
Tya elembo
Share
Copy
Olingi kobomba makomi na yo wapi otye elembo na baapareyi na yo nyonso? Kota to mpe Komisa nkombo
@LAI 1991

: