Logo ya YouVersion
Elilingi ya Boluki

LUKAS 20

20
Hak Yesus ditanyakeun
(Mat. 21:23-27; Mar. 11:27-33)
1Dina hiji poe, waktu Yesus ngawulang jeung nyarioskeun Injil Kasalametan ka jalma rea di Bait Allah, daratang imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para kokolot. 2Maranehna nanya kieu ka Anjeunna, ”Naon hak Anjeun migawe kitu? Bejakeun, meunang hak kitu ti saha?”
3Waler Yesus, ”Kaula rek nanya heula. Sebutkeun, 4ari hak Yohanes ngabaptis, ti Allah atawa ti manusa?”
5Maranehna jadi patanya-tanya pada batur, ”Kudu kumaha jawabna? Lamun dijawab, ʼTi Allahʼ, tangtu ceuk Manehna, ʼKu naon aranjeun teu percaya ka Yohanes?ʼ 6Tapi lamun dijawab, ʼTi manusaʼ, tangtu urang pada maledogan ku batu ku jelema-jelema, sabab anggapan maranehna yakin Yohanes teh nabi.” 7Tungtungna ngajawabna teh, ”Duka teuing ti mana!”
8Waler Yesus ka maranehna, ”Ari kitu mah Kaula oge moal ngabejakeun make hak naon Kaula ngalampahkeun kieu.”
Misil nu nyarewa kebon anggur
(Mat. 21:33-46; Mar. 12:1-12)
9Geus kitu Anjeunna nyarioskeun ieu misil ka jalma loba, saur-Na, ”Aya anu muka kebon anggur, disewakeun ka sababaraha urang, geus kitu tuluy nyaba ka nu jauh lila pisan. 10Sanggeus datang musim metik anggur, nitah gandekna saurang ka nu nyarewa kebonna, dititah narik bagianana. Tapi eta gandek ku nu nyarewa teh ditareunggeulan, tuluy sina balik lengoh. 11Manehna nitah gandekna saurang deui; tapi ieu ge ditareunggeulan jeung kacida diwiwirangna, tuluy disina balik lengoh. 12Nu boga kebon anggur teh nitahan deui gandek nu katilu, tapi nya kitu deui bae, pada nareunggeulan nepi ka barohak, tuluy diusir. 13Ceuk nu boga kebon, ʼKumaha petana? Ah rek nitah anak aing bae anu dipikanyaah, sina ka ditu. Ka anak aing mah tangtu ngarajenan!ʼ 14Tapi barang nu nyarewa nyarahoeun yen nu datang teh anak anu boga kebon, tuluy sakait, pokna, ʼIeu mah anakna. Urang paehan, supaya warisanana beunang ku urang!ʼ 15Ti dinya anak nu boga kebon teh disered ka luareun kebon, tuluy dipaehan.
Cik, bakal dikumahakeun eta anu nyarewa teh ku anu boga kebon?” Yesus mariksa. 16”Nu boga kebon tangtu datang, eta jelema-jelema tuluy diparaehan, kebon anggurna tuluy disewakeun ka nu sejen.”
Ari ceuk anu ngabarandungan eta misil, ”Tangtu pisan moal!”
17Maranehna ku Yesus diteuteup, Anjeunna terus ngalahir, ”Lamun kitu, naon maksudna ayat Kitab Suci anu kieu?
ʼBatu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun,
ngajadi batu pangutamana.ʼ
18Jelema anu ragrag kana eta batu tangtu pasiksak, anu katinggang tangtu bubuk.”
Sual mayar pajeg
(Mat. 22:15-22; Mar. 12:13-17)
19Guru-guru agama jeung imam-imam kapala geus harayang kerewek bae nangkep Yesus di dinya keneh, lantaran karasaeun pisan eta misil Anjeunna teh nyindiran maranehna. Tapi maranehna sarieuneun ku jelema rea. 20Tuluy nareangan jalan. Maranehna nyogok ka sawatara jelema, dititah pura-pura jadi jelema anu satemenna, sina nyual ka Yesus ngarah kalepatana-Na, supaya bisa diserenkeun ka Gupernur Rum anu kagungan wewenang jeung kawasa. 21”Pa Guru,” ceuk eta mata-mata ka Yesus, ”sim kuring terang anu disaurkeun sareng diwulangkeun ku Pa Guru teh leres. Bapa ngawulangkeun hal pangersa Allah ka manusa teh kalayan terus terang, kawantos Bapa henteu pandang harkat jalmi. 22Sim kuring hoyong terang ti Bapa perkawis mayar pajeg ka Prabu Rum, papalingpang sareng Hukum Agama urang atanapi henteu?”
23Tapi Yesus uningaeun pisan kana tipu daya maranehna, waler-Na, 24”Cik tembongkeun duit perakan, gambar jeung jenengan saha ieu dina duit?”
Tembalna, ”Gambar sareng jenengan Prabu.”
25”Lamun kitu,” saur Yesus, ”pulangkeun ka Prabu kagungan Prabu, pulangkeun ka Allah kagungan Allah.”
26Maranehna teu barisaeun nanaon deui ka Anjeunna, tipu dayana teu mental, mangkaning hareupeun jelema loba, semet baralem jeung ngaharuleng, heran ku waleran Anjeunna.
Sual hudang tina maot
(Mat. 22:23-33; Mar. 12:18-27)
27Aya sawatara urang Saduki, nya eta golongan anu nganggap yen nu geus maraot moal harudang deui. Maranehna nyual kieu ka Yesus, 28”Pa Guru, Musa ngadamel parentah kieu pikeun urang: ʼLamun hiji salaki maot ninggalkeun pamajikan jeung teu boga anak, dulur eta lalaki kudu ngawin randa dulurna, supaya lamun boga anak diakukeun anak dulurna nu geus maot.ʼ 29Bareto di urang aya tujuh lalaki padudulur. Nu pangkolotna kawin tuluy maot teu boga anak. 30Urut bojona dikawin ku nu kadua, 31tuluy ku nu katilu, kitu bae patuturut nepi ka maraot tujuhanana jeung teu baroga anak. 32Ahirna awewena ge maot. 33Kumaha dina poean hudangna deui anu maraot, eta awewe teh bojo anu mana, lantaran geus dikawin ku tujuhanana?”
34Waler Yesus, ”Di jaman ieu mah lalaki jeung awewe teh karawin. 35Tapi jelema-jelema anu geus diharudangkeun deui tina maot mah hirupna dina jaman nu bakal datang teh moal karawin. 36Kaayaanana bakal saperti para malaikat, moal keuna ku paeh, jeung jaradi putra-putra Allah lantaran geus diharudangkeun deui tina maot. 37Musa ku anjeun geus netelakeun yen nu maraot teh bakal dihirupkeun deui. Hal eta tetela dina ayat anu nyaritakeun rungkun cucuk anu hurung tea. Pangeran ku anjeunna harita disebut ʼAllahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub.ʼ 38Pangeran teh Allahna anu harirup, lain Allahna anu paraeh, sabab di Allah mah kabeh oge hirup.”
39”Keuna eta jawaban teh, Pa Guru!” ceuk sawatara guru-guru agama. 40Sabab maranehna mah geus teu waranieun deui nyual naon-naon ka Anjeunna.
Pananya ngeunaan Kristus
(Mat. 22:41-46; Mar. 12:35-37)
41Yesus ngalahir ka maranehna, ”Kumaha bisana Kristus disebutkeun turunan Daud? 42Padahal Daud ku anjeun dina Kitab Jabur nyaurkeun kieu:
ʼPangeran ngadawuh ka Gusti kaula:
Calik di dieu, katuhueun Kami,
43nepi ka sakabeh musuh Hidep
ku Kami dijadikeun jojodog suku Hidep.ʼ
44Daud nyebatna ka Kristus teh ʼGustiʼ; ku sabab kitu, kumaha bisana jadi turunan anjeunna?”
Yesus ngingetan sangkan waspada ka guru-guru agama Yahudi
(Mat. 23:1-36; Mar. 12:38-40)
45Waktu jalma-jalma ngabarandungan kasaurana-Na, Yesus ngalahir ka murid-murid, 46”Sing arati-ati maraneh ka guru-guru agama Yahudi. Karesep maranehna jalan-jalan marake jubah landung, harayang pada ngabageakeun jeung pada ngahormat di pasar-pasar. Di imah-imah ibadah dariukna dina korsi anu beunang ngahaja eukeurna, di nu hajat-hajat marilih tempat anu utama. 47Randa-randa rejekina dirampas, imahna dirampogan. Pikeun nutupan kajahatanana tuluy ngagorolang sembahyang dilila-lila! Beurat engke hukuman maranehna teh!”

Currently Selected:

LUKAS 20: LAISUN

Tya elembo

Share

Copy

None

Olingi kobomba makomi na yo wapi otye elembo na baapareyi na yo nyonso? Kota to mpe Komisa nkombo