Ibrahim nyaketan ka PANGERAN, tumaros, ”Leres kitu jalmi anu leres oge ku Gusti bade dibasmi, disamikeun sareng anu daroraka? Upami di eta nagara aya lima puluh urang anu teu aya kalepatanana, naha eta nagara teh cios bae ditumpurkeun sama sakali? Kumaha ku Gusti moal dihapunten tina ngemutkeun ka lima puluh jalmi anu taya dosana?